Selasa, 14 Februari 2012


   Jalanan Derwati
                                      Karya: Hanna Rizqhiani (9D)

Karasa ngahiliwir angin nebak awak
Tiis nyecep kana ceuli jeung suku
Derwati ngaran jalan unggal poe ku kuring kaliwatan
Jalan nu ruksak garinjul matak nyeuri kana awak

Derwati ngaran jalan hareupeun sakola kuring
Derwati jalan paranti nuntut ilmu kuring
Derwati asalna  jalan kahapit ku dua sawah
Derwati jalan nu ngukir kenangan kuring jeung babaturan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar